Dongeng Si Kabayan Singkat
dongeng singkat Si Kabayan ngala tutut
1. dongeng singkat Si Kabayan ngala tutut
Jawaban:
Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”
Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”
Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.
Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”
Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.
Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”
Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka
katémbong langit.”
Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.
Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”
MAAF KALAU SALAH.
SEMOGAMEMBANTU2. Tuliskan secara singkat sebuah dongeng : SI KABAYAN
Jawaban:
Cerita "Si Kabayan" yang ditulis oleh Mohammad Rizqi berasal dari Jawa Barat. Cerita ini mengisahkan seorang laki-laki pemalas. Pekerjaannya hanya tidur dan melamun. Suatu hari, istrinya meminta Kabayan mencari tutut di sawah. Si Kabayan pergi ke sawah dan tidak pulang sampai sore. Si Iteung, sang istri, merasa khawatir lalu ia pergi menyusul si Kabayan ke sawah. Di sawah, didapatinya si Kabayan sedang mengorek-ngorek tutut dari pematang sawah. Dia tidak mau turun ke sawah karena dia mengira bahwa sawahnya dalam. Melihat hal itu, si Iteung merasa kesal dan mendorong si Kabayan ke dalam sawah hingga basah kuyup.
Nilai moral yang terkandung dalam cerita ini adalah kita harus mau rela berkorban demi kelangsungan hidup kita. Jika kita tidak berusaha sebagai bentuk pengorbanan, maka kita tidak akan dapat mencapai tujuan
3. dongeng singkat singkat si kabayan ngala roay analisis jejer
Dina hiji poe Abah Ontohod ngajak ngala roay ka Si Kabayan,sanajan bari wegah sabab tunduh keneh,manehna teu wani mungpang kahayang mitohana lantaran sieun dipecat jadi minantu.Mangkaning ti lembur na ka kebon mitohana teh jauh,aya kana 5 kilona.
Satepina di kebon, si Abah ngasongkeun boboko kosong ka Si Kabayan bari nyarita ;
‘’Tah keur wadah metik roay,ke mun geus pinuh asupkeun kana karung ieu !” ceuk Abah bari memener karung gede keur wadah roay.Si Kabayan nampa boboko,tapi teu nyarita sakemek oge.
Si Abah mah sumanget metikan roayna teh,gancang pinuh boboko Abah mah terus diburulukeun kana karung,metik deui ,pinuh,asupkeun kana karung.Beda jeung si Kabayan nu katingali tunduh,ngala roayna kaleked pisan, bari meusmeus heuay.Barang ningali karung roay kaeusi sapertiluna, ujug-ujug ngabelenyeh seuri sorangan,bari ngadeukeutan karung manehna ngagerendeng ngomong .
“ Sigana ngeunah yeuh mun sare dina karung…” bari sup we kana karung,merenahkeun maneh sarta sirah ku manehna diteundeunan roay,jadi awak manehna katutupan.
Si Abah barang ngasupkeun roay deui kana karung,manehna kacida bungaheunana.
“Leuh…mani geus pinuh karung teh ning,alus gawena tah si borokokok teh !”kitu ceuk pikir Abah.
Terus eta karung teh ditalian,bari nyalukan si Kabayan.
“ Kabayan…Kabayan…hayu urang mulang,geus pinuh karungna ge,isukan we urang tuluykeun.”
Si Kabayan teu ngajawab da sare tea.Si Abah gogorowokan sababaraha kali ge teu nembalan.
“ Dasar mangkeluk lebokeun tetelo,aya mantuan ngalana,teu mantuan mawana,awas siah ku aing dibebek !” kitu gegelendengna Abah Ontohod.Antukna mah,dipanggul we ku sorangan eta karung teh.
“ Asa beurat – beurat teuing ieu roay teh….bakat ku baleuneur meureun..”pikir Abah .
Barang tepi ka imahna,gubrag atuh karung teh digubragkeun kana palupuh.Si Ambu norojol ti dapur.
“ Ya..Allah,Abah.Naha mani luut leet kesang kitu jeung siga nu ripuh pisan ?”omong si Ambu.
“Nya eta …cape jeung ripuh Abah teh,Ambu.Si Kabayan teu mantuan ngagotong .Kamana ayeuna tah mangkeluk teh ?”ceuk Abah.
“Haaaar…da taya si Kabayan ….apanan tadi bareng jeung Abah lain ?”si Ambu bingungeun bari karunya ningali Abah bangun nu ripuh teh.
“ Enya …eta ge metikna mah mantuan matak gancang pinuh ge karung…ngan basa digero-gero diajak balik rek diajak ngagotong…euweuh tah si borokokok teh,dilebok korod sugan!”si Abah semu nu keuheul pisan.
“ Ih..ari nanaon teh, keun we ku Ambu dipindahkeun tina karung mah atuh,bisi Abah rek kacai mah,can solat lohor meureun?”ceuk Ambu.
“Heueuh…atuh pek kadinya,kami rek kacai heula.” Tuluy Abah ngaleos.
Ambu tuluy muka tali karung rek ngaluarkeun roay.Kakara ge sababaraha rawu,kacabak aya sirah si Kabayan,bari ngarasa heran dibarung ku keuheul ,teu antaparahpeletok we diteke eta sirah.
“ Naaaaa…ari sia,Kabayan.paingan si Abah ripuh atuh…da nu dipanggul teh lain roay wae..tapi jeung sia !euweuh ka karunya ka kolot siah nya?dibejakeun ku aing geura !”Ambu wera ka si Kabayan.
“ Ampun…Ambu,ulah dibejakeun…isukan mah uing moal kieu…tuda tadi mah tunduh keneh!” ceuk si Kabayan bari ngusapan sirah urut diteke satakerna ku Ambu tadi.
Isukna si Kabayan diajak deui ka kebon ku si Abah.Si Abah teh teu nanya,teu nyarita naon-naon ka Si Kabayan.Tapi manehna surti yen Abah pasti apaleun kana kalakuan kamari ti Ambu.
Barang nepi ka kebon,si Kabayan teu nunggu dititah ku Abah,manehna merenahkeun karung gede sarta tuluy metik roay kana boboko,geus pinuh diasupkeun kana karung.Kitu deui Abah metik roayna sumanget pisan .Sabot balangah si Kabayan , Abah asup kana karung sarta munian awakna ku roay.
“Euleuh…geuning karung teh geus pinuh nya…”si Kabayan nyaritana rada tarik.Geus kabaca ku manehna pasti si Abah nurutan kalakuan manehna kamari.
“Aduh..roay,mangkaning batur maneh loba keneh tuh..hayangeun diala..”bari nepakan roay luhureun sirah si Abah,bari rada didedetkeun.Sanajan keuheul ka si Kabayan,si Abah teu nyarita .
Terus eta karung ditalian pageuh pisan,sarta si Kabayan nyarita deui ka roay bari nepakan karung.
“ Roay….maneh balik ti heula nya?da ceuk si Abah ge geus kolot mah kudu bisa balik sorangan.Maneh ku uing rek diancrubkeun ka wahangan,meungpeung caina keur ngagulidag nya…”
Gebeg,si Abah reuwaseun” Alah….atuh paeh aing di wahangan.”kitu pikir si Abah.
“tapiiiii….ah nangka ge teu bisaeun hanjat,roay.Moal ah,moal dika walungankeun bisi teu nepi ka imah Abah,karunya atuh ka si Abah moal bisa ngajual meureun.”siga nu heueuh nyaah ka mitoha.
“hanjakal kuring mah teu kuat manggul maneh,roay !urang bareng leumpang we nya..”si Abah bingung ngadenge si Kabayan teh,kumaha maksudna eta caritaan.
Sihoreng….eta karung teh….digusur !mana jalan rarenjul ku batu baradag,atuh sirah si Abah mindeng tidagor ,nepi ka baloboran getih.Geus nepi ka imah,si Kabayan ngagorowok ka Ambu.
4. jenis dongeng si kabayan
jenis dongeng cerita rakyat
5. Dina dongeng si kabayan , tokoh anu langka dicaritakeun teh, nyaeta a. si iteung , pamajikan si kabayan b. si atok , anakna si kabayan c. mitohana si kabayan d. budakna si kabayan
Dina dongeng si Kabayan, tokoh anu langka dicaritakeun teh, nyaeta (d.) budakna si Kabayan. Dongeng kaasup kana karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto prosa moden nyaeta novel jeung carita pondok.
PembahasanDongeng si Kabayan teh kaasup kana dongeng jenis parabel. Aya sawatara rupa dongeng, nyaeta saperti fabel, parabel, mite, sasakala jeung sage. Ciri utama tina dongeng nyaeta caritana anu pamohalan atawa henteu asup kana akal. Tapi, justru carita anu pamohalan, dongeng teh sok dipikaresp pisan ku barudak.
Pelajari lebih lanjut1. Unsur pamohalan dina dongeng brainly.co.id/tugas/10884544
2. Pengertian dongeng dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/9760216
3. Ciri-ciri umum dina dongeng brainly.co.id/tugas/12573419
Detil JawabanKelas : VII
Mapel : Bahasa Sunda - Dongeng
Bab : 5
Kode : 7.13.5
Kata Kunci : Dongeng, dongeng si Kabayan, pamohalan, budakna si Kabayan
6. dongeng si kabayan kaasup dongeng??
non fakta atau tidak benar-benar terjadi
7. Dina dongeng si Kabayan,tokoh anu langka dicaritakeun teh,nyaeta a.si iteng pamajikan si Kabayan b.si atok anak na si Kabayan c.Mitohana si kabayan d.sobatna si Kabayan e.Si kabayan
Jawaban:
c. mitoha na si kabayan
Penjelasan:
8. naha Si Kabayan make malidkeun nangka Dina dongeng Si Kabayan ngala nangka
Jawaban:
mengapa si kabayan harus menghannyutkan nangka di dongeng si kabayan ngambil nangka
INI DI ARTIKAN !
9. tulis kan dongeng si kabayan
cerita dongeng :
Cerita "Si Kabayan" yang ditulis oleh Mohammad Rizqi berasal dari Jawa Barat. Cerita ini mengisahkan seorang laki-laki pemalas. Pekerjaannya hanya tidur dan melamun. Suatu hari, istrinya meminta Kabayan mencari tutut di sawah. Si Kabayan pergi ke sawah dan tidak pulang sampai sore. Si Iteung, sang istri, merasa khawatir lalu ia pergi menyusul si Kabayan ke sawah. Di sawah, didapatinya si Kabayan sedang mengorek-ngorek tutut dari pematang sawah. Dia tidak mau turun ke sawah karena dia mengira bahwa sawahnya dalam. Melihat hal itu, si Iteung merasa kesal dan mendorong si Kabayan ke dalam sawah hingga basah kuyup.
Nilai moral yang terkandung dalam cerita ini adalah kita harus mau rela berkorban demi kelangsungan hidup kita. Jika kita tidak berusaha sebagai bentuk pengorbanan, maka kita tidak akan dapat mencapai tujuan
10. cerita kan dongeng si kabayan pake bhs sunda yg singkat
Jawaban:
kalimatpertama:
bahasaSunda:
Dina hiji mangsa, si Kabayan keur leleson bari jeung ngalamu di payuneun rorompokna, saliwat oge mikiran roay, tutut, sareng lauk anu diala kamari. “Kabayan, pangalakeun nagka, pilihan aku kolot buahna,” parentah Mitoha ka si Kabayan.
bahasaIndonesia:
Pada suatu hari, si Kabayan sedang istirahat dan melamun di depan rumah, sekilas dia memikirkan kacak krotak, tutut, dan ikan yang sudah dia panen kemarin. “Kabayan, tolong petik nangka, pilih yang sudah tau buahnya,” perintah Mertua ke si Kabayan.
kalimatkedua:
bahasasunda:
Saentosna dugi ka Kebon, si Kabayan ningalian tangkal nangka anu buahan, anjeuna milari mana nangka anu tos kolot. Teu pati lami, Kabayan ningali hiji nagka anu kolot tur ageung, teras wae diala.
bahasaIndonesia:
Sesampainya di Kebun, si Kabayan segera mencari pohon nangka yang berbuah, dia mencari nagka yang sudah tua. Tidak lama dari itu, akhirnya Kabayan menemukan apa yang dia cari, Nangka yang sudah tua dan besar, kemudian dia petik.
kalimatketiga:
bahasaSunda:
Kusabab nagka teh ageung, Kabayan teu kiateun ngangkat na, “Ieu mah hese nyandakna, moal kaduga abdimah,” Kabayan nyarios dia hate, “kumaha cara nyandaknya itu teh?” saurna dei.
bahasaIndonesia:
Sebab nangka yang dia temukan itu besar, Kabayan tidak kuat membawanya, “Ini mah susah membawanya, gak akan kuat saya,” gumamnya dalam hati, “bagaimana cara membawanya ya?” ucapnya lagi
Penjelasan:
semogamembantu
jadikanjawabantercerdas#belajar
#janganlupalikedanfollow
#maafkalosalah
#adabahasaSundabisadiartinyadalambahasaindonesia!!!
#sumanget(semangat)!!!!
11. bagaimana dongeng kabayan singkat
Alkisah, zaman dahulu hidup seorang lelaki di tanah Pasundan atau sekarang Jawa Barat, bernama Kabayan. Si Kabayan terkenal sangat pemalas, bodoh, tapi anehnya banyak akal. Akal bulusnya sering ia gunakan untuk mendukung sifat malasnya. Si Kabayan telah memiliki istri bernama Nyi Iteung. Mertua Kabayan sudah sangat kesal dengan sifat menantunya. Ia sering memarahi menantunya tapi Si Kabayan selalu saja punya akal bulus dalam menghadapi mertuanya.
12. Galur pada dongeng si Kabayan ngalamun
Jawaban:
gtau kak gtau mwehehhhhh
13. Watak Kabayan dalam dongeng si Kabayan Moro uncal
bageur,teu gampangan
14. dongeng si kabayan ka asup dongeng naon
Dongeng Si Kabayan ka asup dongeng parabel. Dongeng parabel nyaeta dongeng anu eusi caritana pikeun nepikeun kabeneran, moral, atawa ajaran agama ku ngagunakeun babandingan atawa ibarat. Nu digunakeun pikeun ngaibaratkeun dina dongeng parabel biasana nyaeta jalma biasa tapi mahiwal atawa beda ti batur. Eusi carita dongeng parabel biasana sok pikaseurieun, tapi pikaseurieun anu ngandung atikan, picontoeun atawa pieunteungeun.
PembahasanDongeng teh kaasup kana karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Nu kaasup kana prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun nu kaasup kana prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon. Nu jadi ciri utama dongeng nyaeta eusi caritana sok pamohalan atawa henteu asup kana akal. Tapi kusabab eusi caritana pamohalan dongeng sok dipikaresep ku barudak.
Pelajari lebih lanjut Unsur anonim dina dongeng https://brainly.co.id/tugas/13882470 Pengertian dongeng brainly.co.id/tugas/9760216 Ciri-ciri umum dina dongeng brainly.co.id/tugas/12573419__________
Detil JawabanKelas : VII
Mapel : Bahasa Sunda - Dongeng
Bab : 5
Kode : 7.13.5
Kata Kunci : Dongeng Si Kabayan
15. cerita kan dongeng si kabayan pake bhs sunda, SINGKAT
Jawaban:
*DONGENG BAHASA SUNDA SI KABAYAN NGALA NANGKA
Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. "Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!" Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepl ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.
"Wah, moal kaduga yeuh mawana," pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!" ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka. Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana. "Kabayan, meunang ngala nangka téh?"
"Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot" témbal Si Kabayan."Mana atuh ayeuna nangkana?" Mitohana nanya. "Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.
"Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!" Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan. "Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik," ceuk Si Kabayan bari ngagélo.
Penjelasan:
semoga bermanfaat
Posting Komentar untuk "Dongeng Si Kabayan Singkat"